CARITA WARUGA GURU



CARITA WARUGA GURU IEU carita Waruga Guru, eta nu nyakrawati. Nu poek angen tulus, ka kujaba din u bodo, nu tarabuka priyayi sakarep kasorang tineung meunang guru.Ratu Pusaka di jagat paramodita, eta, kanyahoan Ratu galuh, keurna bijil ti alam gaib, nya Nabi Adam ti heula. Ratu Galuh dienggonkeun sasaka alam dunya. Basana turun ti langit masuhur, turun ka langit jambalulah, turun ka langit mutiyara, turun ka langit purasani, turun kalangit inten, turun ka langit kancana, turun ka langit putih, turun ka langit ireng, turun ka langit dunya. Ja kalangan, tata lawas turun ka Gunung Jabalkap. Upami ratu Galuh dienggonkan sasaka alam dunya, Nabi Adam ti heula, pinareking Gunung Mesir. Adam di seuweu opat puluh, dwa nu sakembaran, munijah luluhur haji dewi; cikal, da hiji dingarankeun nabi Isis, luluhur manusa. Nabi Isa diseuweu Kaliyanggin. / Kaliyanggin diseuweu Malit. / Malit diseuweu Malam. / Malam diseuweu Mahur. / Mahur dseuweu Lamak./ Lamak diseuweu Nasar. / Nasar di seuweu basar. / Basar diseuweu nabi Enoh. / Nabi Enoh diseuweu istri, putri Betari Sanglinglang. / Betari Sanglinglang diseuweu Muladasadi. / Mulasadadi diseuwe Ratu babarbwana, arina karma Batari Logina. / Batari Logina diseuweu Gandulgantung. Naha ari dingarankeun Ratu Gadulgantung ? / Karna tapa di awang-awang. / Arina karma Betari Cipta Langgeng, siseuweu nya Ratu Menengputih. Naha mana dingaranan Ratu Menengputih ? / Karna tapa dina haseup bijil putih./ Arina karma Betari Ciptawisena, arina diseuweu Ratu Gandul larang./ Naha ma dingaranakeun Gandullarang ? / Karna tapa dina bentang. Arina karma ka Betari Mekubuya / Betari Mekubuya arina diseuweu Ratu Okanglarang. / Naha mana dingarankeun Ratu Okanglarang ? / Karna tapa dina bulan. / Arina karma ka Betari Mekuhurip. Betari Mekuhurip arina diseuweu Ratu Siar./ Naha mana dingarankeun Ratu Siar ? / Karna tapa dina jero banyu. Arina karma ka Betari Medangtasa. Arina diseweu Ratu Komara. / Ratu Komara arina karma ka Betari Lengisjati / Betari Lengisjati arina diseuweu Ratu Pucukputih./ Naha dingarankeun Ratu Pucukputih?Kerna tapa di jero langit putih nu leuwih. / Arina krama ka Betari Panggungkancana, arina diseuweu Baginda Premana. Arina karma Maraja Lengjagat, arina diboga seuweu jumeneng ratu Tajapura Puterjagat./ Ditibanan ci banyu eluh / Diraga-raga ci banyu eluh. Kacarita Waruga Guru jumeneng nyakrawati, katurunan caya eluh, turun Gunung Rajanna, jumeneng ratu Rajanna. **** Mangka Caritakeun deui Nabi Adam. Diogan sareyat. Lalampahan eukeur bingung, mitetekeun srangenge, hukumna sakur nu usik dihalalkeun, alamna lima riwu tahun, cengkal kayu ka patbelas ratus. Kasalinan deui ku nabi Enoh, alamna dalapan ratus tahun, cengkal kayu salapan ratus cengkal panjangna, hukuna sakur nu paeh ku maneh diharamkeun, balana saeusina. Kasalinan deui ku Nabi Isis, diboga kitab tanpa karana./ Caritakeun deui Ratu Rajaputra puterjagat. Nabi Enoh mireungeuh Nagara Selong padagang dalapan./ Mangka nurut Baginda Premana sabalana kabeh. Ratu Rajaputra Puterjagat nu ranuhan hanteu milu, kudu-kudu karsa dahar babatang./ Mangka kahatur karamana./ Mangka bendu ramana. Eta oge rek dipupusan./ Maka dicekel ku Adam Daur./ Mangka kabireungeuh ku nyai aisna, ku ratu dewi Astra. Mangka dibelakeun jalma sewu./ Tuluyna ka kahiyangan./ Lawasna tapan di kamulyaan, turun ngababakan./ Medang Kamulan sangara, nuboga dayeuh dingaranan Ratu Bawana./ Mangka Diprangan ku Adam Daur, kasedek ngidul ka Pulo Panamor./ Mangka silih balang ku siwalan, turunna ka dayeuh, mana dingarankeun Bagelen. Caritakeun deui putrana ratu Mesir na putri geulis Raminihalul, nu

0 komentar:

Posting Komentar

Video Gallery

free counters