Carita Perang Jaman Abah Kuring



Carita Perang Jaman Abah Kuring Oleh: Iyan Syarifuddien Isuk-isuk kuring ulin ka kebon si Abah alias Aki Anda. Nyampak Abah teh keur udud bari ninyuh cikopi. Sabari siduru. Da atuh daerah Dago Pakar nu katelah Dago Atas mah masih keneh rada tiris ari isuk-isuk tabuh 7 teh. “Bah keur naon?” Tanya kuring. “Eh yan, kadieu, geus boga kabogoh maneh teh can, maenya maneh mah eleh ku si Iman, bulan hareup dek kawin.” Jawab Abah kuring. “Kawin jiga ka domba wae, nikah meureun bah. Ahhhhh ke wee kalem bah, kabogoh mah loba saya mah, ngan eweuh nu bogoheun hahaha.” Jawab kuring deui bari nyampeurkeun Abah anu keur di saung. “Si Iman teh sabara taun di Jepang na teh?” Tanya Abah. “Tilu taun bah, kan ngan saukur kensusei eta mah bah, alias magang.” Jawab kuring, “Geus gawe deui acan si Iman teh?” Abah nanya deui. “Ceunah mah hayang istirahat heula bah, reureuh heula meureun. Ah ari boga pangalaman Jepang mah moal hese-hese teuing meureun nyiar gawe na ge.” Jawab kuring. Asa kapancing meureun si Abah teh tungtungna mah jadi curhat jaman baheula. “Heueuh ketang meningan istirahat heula. Da Jepang mah alus ku disiplinna. Baheula ge dewek yeuh karasa keur perang jeung si Jepang. Tapi da si Jepang ge teu kabeh adigung, aya wae nu bageur mah. Karasa keur nyieun guha pakar, alias Taman Insinyur Haji Juanda anu di Dago Pakar, Abah mah sok diberean wae ku si Jepang, nya rokona, dahareun nana.” Ceuk Abah teh. “Baheula, kusabab si Jepang teh mawaan hasil panen warga, yeuh dengekeun nepi ka tarasi tarasi dibawaan ku si Jepang, bagsal pare, kopi, jengkol mah geus puguh.” “Dibawaan kamana eta teh bah?” Tanya kuring. “Nya dibawa kanagarana atuh, ari maneh. Tah tidinya pamuda ti desa dipimpin ku Mama Ajengan nyieun strategi pemberontakan ka si Jepang. Sanggeus beres solat isa berjamaah, eta ge dumasar ku parentah tantara pamuda indonesa, cenah mah parehtah ti Jendral Sudirman. Yeuh dengekeun Jendral Sudirman mah mun mere sumanget perang teh mun ceuk bahasa Sunda namah kieu ‘hey pamuda hayu urang maju, da ari ngarana paeh mah eta mah takdir’ eta teh bari manehannana pangheulana nyerang kahareup, pamuda tantara anu ditukang ge pasti jadi kabawa simaan.” “Ceuk Mama Ajengan teh tugas pamuda Desa Ciburial mah titah nyerang persenjataan di daerah Leuweung Zeni, dewek ngadenge caritaan Jendral Sudirman jadi rada aya kawani perang jeung si Jepang, sanggeus beres solat subuh pamuda siap siap mawa pakarang ti sajabaning bedil, aya nu mawa bedog, awi anu diseukeutan teh naon nya.” Ceuk Abah teh. “Bambu runcing lain bah?” Ceuk kuring. “Tah heueuh eta.” Ceuk Abah teh bari pok deui, ”Tah pamuda teh deuleu dibagi dua pasukan. Pasukan ti dieu, daerah kulon, dipimpin ku Mama Ajeungan, eujeung pasukan anu ti belah wetan, jadi serangan teh dibagi 2. Ngepung tantara Nipon.” “Saacan perang ceuk Mama Ajeungan teh dek hirup dek paeh nupenting urang geus balapati ngabela tanah lembur ti para panjajah, hayu urang gempur Nipun/Jepang, da ari ngarana paeh mah takdir.” “Pek tah tidinya teh pamuda arindit dek nyerang Jepang anu sumanget jeung kawanina masih keneh ayaan, panon poe ge acan bijil-bijil acan. Sanggeus aya di sisi Leuweung Zeni, pamuda disebar anu kaditu anu kadieu.” “Dewek mah bareng jeung Mama Ajeungan. Si Jepang teh meureun masih keneh hees.” “Langsung dor dar serangan ti pamuda nyerang Jepang. Wah eta mah bedil cing beledag, molotov cing jelegur, sora eyak-eyakan anu mere sumanget, jeung sora anu gogoakan nyareri kuawak anu tembus peluru.” “Ari dewek mah nembak sababaraha kali terus nyumput dina jukut, atawa batu. Ditingali ka gigir kenca, katuhu, kahareup, naha pamuda teh kamarana, ari dordar namah kadenge ramena.” “Di sisi kuring aya Mama Ajeungan jeng sabagian pamuda bari nyerang nyumput, kumaha we siga dewek cara perangna teh.” “Cing belewer eta mah paluru kana batu, kana kai, kana awak jelema, puguh we da atuh persenjataan Jepang mah lewih hade tibatan persenjataan pamuda.” “Tidinya mah yeuh dewek rada soak. Langsung we dewek mah kabur ka belah kidul. Singhoreng anu soakeun teh lain dewek wungkul, ampir kabeh pamuda desa saroak, malencar. Waahhh kamana karep nyalametkeun diri anu ka kulon anu kakidul anu kakaler puguh da anu di wetan mah sarang musuh.” “Keur lalumpatan teh kadenge Mama Ajengan ngagorowok, ‘hey pamuda rek kamarana? Hayu urang serang, ulah papencar, Jepang sakeudeung deui eleh.’ Ceuk mama ajengan teh.” “Ku dewek dibales, bari lumpat jeung, ngagorowok ‘Pek we serang ku Mama Ajengan, dewek mah can hayang paeh.’” “Da eta mah saking ku soak jeung sieun, ngomong kitu teh, dereded, jeung bom ti ditu ti dieu. Serangan ti jepang tambah jadi morotan sumanget perang teh.” “Sanggeus rada jauh, dewek nanya ka pamuda anu lain, anu bareng kabur lumpat ka belah kidul, ‘ari Mama Ajengan tadi masih keneh nyerang ka Jepang?’“ “Terus bales cek pamuda anu lain teh ‘Na da basa dewek ningali, Mama Ajengan ngagorowok teh, manehna lumpat ka belah tonggoh kakalerkeun.’” “‘Horrrrr.., geuningan, sugan teh Mama Ajengan teh bari ngagorowok teh bari nyerang’ Jawab dewek.’” “‘Geus we kieu ayenamah, urang nyumput belah dieu, di sisi walungan, di deukeut pasawahan, nepi ka rada caang panon poe, urang api-api keur nyawah, mun aya si Jepang ah.’ Ceuk dewek teh.” “‘heueuh ges we kitu.’ Ceuk pamuda lainna.” “Geus rada bijil panon poe, rada kabeurangkeun, dewek jeung pamuda indit ti panyumputan. Kadenge deui sora dor-dar ti belah wetan. Lalumpatan deui dewek teh jeung pamuda sejenna. Rada nyumput ka daerah pilemburan, bari rada nempo ka belah wetan.” “Ceuk dewek teh, ‘Ohhh eta meureun pasukan pamuda ti belah wetan teh rada kabeurangan.’Bari dewek mah balik deui ka imah, ka daerah Desa Ciburial.” “Puguh we atuh da jaman baheula mah nu boga jam tangan ge bisa di itung, jadi hese nempatkeun waktu anu tepat the. Da geuning bejana ti pamuda belah kulon jeung belah wetan teh serangan diatur sanggeus ba’da subuh. Nya teu salah-salah teuing pasukan pamuda belah wetan ge da waktu serangna ba’da subuh. Ari pasukan pamuda desa dewek mah subuh teuing heuheu….!!!” “Maneh mah ngeunah jaman kamardekaan, ayeuna teu ngarasaan perang. Politik we digedekeun, dina tipi oge. Yahhh tai pedut, pajabat teh teu aringet ka pajuang baheulana, mentingkeun beuteung sorangan.” Ahir caritaan ti Abah kuring teh jadi curhat . “Ari Abah naha atuh teu meunang pensiun siga anu sejenna?” Tanya kuring. “Dewek mah ikhlas perang oge da anu dibela lembur sorangan, nya meureun ari dibere ditarima heunteu oge teu masalah. Cukup jadi patani we Abah mah, duit gede duit leutik geus kaasaan kabeh ku dewek mah.” Jawab Abah kuring. “Tah geuning, Abah geus beres curhatna, saya mah kadieu teh dek menta sampe.” Ceuk kuring teh. “Ah maneh mah sampeu keur dagangen di pentaan wae. Tuh ngarabut nu belah kaler, kade anu laleutik mah ulah diala, lebar. Kulub heueuh, ke mun geus asak menta dewek” Bales si Abah. “Ok lah, tapi bah, da saya mah dek digoreng sampeu na ge.” Ceuk kuring teh. “Maneh mah, ke dewek dek nyapekna make naon, huntu dewek geus areuweuhan teh.” Ceuk Abah. “Apan direndos heula bah, meh gampang nuang na, hahahahaha.” Bales kuring bari heureuy. “Heueuh lah ku maha maneh weh.” Ceuk Abah bari ngambek. Carita perang si Abah loba keneh euy…………..!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!

0 komentar:

Posting Komentar

Video Gallery

free counters