PENCAKAKI KASUNDAAN



Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Basa hormat jeung basa loma
Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nyaéta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Basa kasar
Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Kecap-kecap utama
Gaganti ngaran
loma– hormatka sorangan -hormat ka batur
akang- akang -engkang
kuring / déwék / urang abdi / sim kuring …
kuring saréréa -abdi sadayana …
maneh / hidep – anjeun
manehna … anjeunna
pribadi- pribados- ku anjeun
sorangan- sorangan -nyalira
- Pancakaki
loma- hormatkeur sorangan -hormatkeur batur
adi- pun adi- tuang rai
aki- pun aki -tuang éyang
alo- pun alo -kapiputra
anak- pun anak- tuang putra
bapa- pun bapa- tuang rama
baraya / dulur réréhan / wargi wargi
bibi- pun bibi -tuang ibu
budak- budak- murangkalih
cikal anak- cikal putra- pangageungna
deungeun-deungeun nu sanés / sanés wargi nu sanés / sanés wargi
incu -pun incu- tuang putu
indung -pun biang -tuang ibu
kolot- kolot- sepuh
lanceuk- pun lanceuk- tuang raka
minantu- minantu -mantu
mitoha -mertua -mertua
nini- pun nini- tuang éyang
pamajikan- pun bojo- tuang rai / tuang istri / geureuha
paman- pun paman- tuang rama
salaki- pun lanceuk -carogé / tuang raka
téré- téré -kawalon
Babagian awak
loma -hormatka sorangan -hormatka batur
awak / badan awak / badan salira / sarira
beuheung- beuheung -tenggek
beungeut -beungeut- pameunteu / raray
beuteung- beuteung / padaharan patuangan / lambut
birit / bujur- birit / bujur- imbit
bitis -bitis -wentis
biwir- biwir -lambey
bujal -bujal / puseur -udel
buuk- buuk- rambut
cangkéng -cangkéng- angkéng
ceuli -ceuli- cepil
diri -diri- salira
dubur- dubur- palawangan
gado -gado- angkeut
halis -halis- kening
haté- haté -manah
huntu- huntu- waos
irung -irung pangambung
kasakit / kanyeri- kasakit / kanyeri -kasawat
kélék- kélék- ingkab / déhé
kuku- kuku- tanggay
kumis -kumis- rumbah
lého- lého- umbel
létah- létah- ilat
leungeun- leungeun- panangan
panon -panon- soca
pianakan -pianakan- wewetengan
pingping -pingping- paha
pipi- pipi -damis
ramo- ramo -réma
sirah -sirah -mastaka
sirit -larangan- larangan
sora -sora- soanten
suku- suku- sampéan
sungut- sungut / cangkem -baham
susu -susu -pinareup
taktak -taktak- taraju
tarang- tarang -taar
tonggong- tonggong- pungkur
tuur -tuur -deku
Nu karasa ku haté
loma- hormatkeur sorangan- hormatkeur batur
ambek- ambek- bendu / wera
atoh / bungah- bingah- bingah
bageur -bageur -saé manah
bangga- sesah- sesah
beuki -beuki / seneng -sedep
bingung- bingung -éwed
bungah / gumbira -bingah -bingah
daék- daék / purun- kersa
éra -isin -lingsem
genah / geunah -raos- raos
gimir- gimir- rentag manah
hawatir / watir / karunya- watir- hawatos
hélok- héran -hémeng
inggis / risi -inggis / risi -rémpan
ngeunah -ngeunah -raos
rasa / rumasa / karasa raos / rumaos / karaos raos / rumaos / karaos
resep / karesep karesep kalangenan
ripuh -ripuh / répot- répot
sadia / sayaga- sayagi- sayagi
salempang / hariwang -salempang- salempang / rejag manah
sedih sedih sedih / sungkawa
senang- senang -raos manah
sono- sono -honeng
wani- wantun -wantun
Sok mangga dialajar basa Sunda bahasa karuhun urang Sadaya,tong era-era,ulah isin-isin,sing tekun dialajar da kusaha deui lamun sanes k

1 komentar:

Anonim mengatakan...

merit casino - DECCASINO
The best merit casino 메리트카지노 games available online, including the 샌즈카지노 best payouts. The online gambling platform with best games from the major manufacturers. Play kadangpintar Now! Rating: 3 · ‎1 vote

Posting Komentar

Video Gallery

free counters