urang neangan urang (jatidiri)

HAPUNTEN ANU KASUHUN BILIH AYA KELEPATAN KALUPUTAN TILUHUR SAUSAP RAMBUT, TI HANDAP SAUSAP DAMPAL. RAKETKEUN TALI KAASIH MANJANGKEUN SILATURAHMI KU JALARAN URANG SUNDA, KA CAI JADI SALEUWI KA DARAT JADI SA LEBAK Ulah nuduh ka nu jauh Ulah nyawang ka nu anggang Nu caket geura caketan Nu deukeut geura deuhesan Aya naon jeung aya saha Dina jeuro wujud urang Geura pek geura panggihan Moal jauh tina wujud Moal anggang tina awak Cirina satangtung diri Tiluhur sausap rambut Tihandap sausap dampal Ulah kabobodo tenjo Ulah kasamaran tingal Nu lain dienya-enya Nu nyanding diapi lain Sing asak-asak ngejo Bisi tutung tamagana Sing awas-awas nenjo Bisi kaduhung jagana Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun. PANCEG NA GALUR NGAJAGA LEMBUR SILIH ASIH JENG DULUR SILIH ASUH SILIH ASIH SILIH USAP SILIH NGAGEINGKEN BATUR MALEDOG KU TAI URANG MALEDOG KU KEMBANG Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

0 komentar:

Posting Komentar

Video Gallery

free counters