Dongéng “Kéan Santang Gagak Lumayung”
Dongéng “Kéan Santang Gagak Lumayung” Éyang Prabu Siliwangi ngagaduhan putra anu jenenganana Kéan Santang Gagak Lumayung. Kéan Santang téh hiji jalma anu gagah sakti mandraguna. Margi di wewengkonna tos teu aya tanding teu aya lawan kawantu sepuhna gé jago. Milari lawan, hoyong terang getih nyalira. Kacaritakeun aya pituduh, yén lamun hayang apal kana getih sorangan, kudu indit ka tanah suci atawa tanah Mekah. Kumargi Ali Mursada sakti, nya tos terang saupama aya pamuda anu hoyong apal kana getihna sorangan. Nya ditunggu di sisi laut, nya dongkap Kéan Santang ka tanah Mekah, margi sakti téa teu nganggo kapal, janten nerus bumi atawa napak sancang. Dongkap ka ditu ditaros ku Ali Mursada, “Rék ka mana?” “Hoyong milari getih nyalira”, témbal Kéan Santang. “Hayu atuh ngilu jeung aki”, ceuk Ali Mursada. Sanggeus tujuh lengkah, “Eh Nak, iteuk aki kakantun dina batu nu tadi, cing pangnyabutkeun”, saur Ali Mursada. Ku Kéan Santang dijungjungkeun, tapi teu bisa, tibatan kénging malah mebes jeung anjeunna, dugi ka rembes getih. Pok Ali Mursada nyarios, “Tah ieu Nak mun hayang nyaho kana getih sorangan mah, geura urang cabut ku Aki”, teu sakara-kara bisa dicabut. “Euh Nak, kabeneran aki téh kabagian nerapkeun tihang, ayeuna mah punten wé kumargi aya jago ti Pajajaran, cing pangnerapkeun”, ceuk Ali Mursada ka Kéan Santang. Waktu rék dipanggul teu kaangkat, kalah ka rembes deui kaluar getih. “Cing ku Aki jalma candak”, ceuk Ali Mursada, teu sakara-kara bisa kabawa. Nya ti dinya Kéan Santang taluk teras lebet Islam. Terus diislamkeun ku Ali Mursada. Saatos lami di Mekah diajar agama Islam, hoyong mulih deui ka Pajajaran. “Heug bae balik, tapi omat Tanah Jawa, Pajajaran, kudu diislamkeun”. Gancang carita Kéan Santang geus nepi ka Pajajaran. Teu langsung ka nagara tapi ka pasisian heula. Aya nu tos dagang ku Kéan Santang ditéwak tuluy disundatan. Ku sabab nu disundatana kabéhanana, antukna éta tukang dagang téh kalahka maot. Kéan Santang mulih deui ka Mekah nepangan Ali Mursada deui. “Éyang kumaha ieu téh geuning sanggeus disundatan téh kalahka maot?”, ceuk Kéan Santang. “Na kumaha caritana?”, ceuk Ali Mursada. Derekdek Kéan Santang nyaritakeun lalampahanana. “Euh maké babango atuh!”, ceuk Ali Mursada. Kéan Santang balik deui ka Pajajaran. Sanggeus maké babango mah lancar. Barudak kabéhanana disundatan, nya direuah-reuah ku calung, supaya ngarumpul. Pajajaran nu asalna ngagem agama Hindu janten lebet Islam. Anging ramana nya éta Prabu Siliwangi sareng balad-baladna anu teu lebet Islam, anu ahirna ngahiang.
0 komentar:
Posting Komentar